Heueuh nya dasar barudak... ngarana ge budak.
Poe jum'at harita ker urang jaga warnet di cibalagung, sa enggeus urang sholat jum'at aya barudak anu ngariung-riung si kiki, sugan teh aya naon, sing horeng teh eta budak maleuli pocer (pocer teh kawas kartu lamun urang arek meli pulsa ka konter, hargana mimiti sapuluh rebu nepi ka saratus rebu) ngan jeng naon eta pocer teh, cenahmah jek barudakmah jeng maen gem pebe (point blank baca poin bleng) ke si eta pocer teh di pake meli senjata, kayaning bedil jeng sajabana.
Aya-aya wae nya jaman ayeunamah, sagala meli senjata ge kudu ku pocer, baheulamah urang keur letik, bebedilan teh nyarieun sorangan tina awi, ditelian ku karet make weh peluruna tina kembang cinciat. euh lamun di jetot keun kana mata teh lumayan perih... tapi naha budak ayeuna, kabisa na teh ngan sa ukur meakeun duit kolotna, sagala arek main gem oge kudu meli pocer, pan pocer teh meulina ku duit mereunan.
Ah nu puguhmah urang teh ker di jajah, lamun lain gara-gara gem anu arasup ka lembur urang, moal weh barudak urang teh matak apal gem-gem anu eweuh hartina.
0 komentar:
Posting Komentar