Jadi inget genep bulan kalewat, nalika kuring jeng adi kuring rek meli henpon di bete'em (euh meni gaya meli henpon ka bete em, bete em teh bogor tred mol, tulisanamah Bogor Trade Mall ngan teuing hartina naon?). lah tepira henpon murah harga 250.000,-. lain kalobaan teuing duit, nupuguhmah henpon kuring nu kamari aya anu ngabadog, jadi kapaksa weh kudu meli deui, teu kunanaon murah oge nu penting mah bisa semesan. bali deui ka carita, saengges meli henpon kitu, kuring teh rek langsung berangkat kajakarta maklum tiheulamah jadi guru les bulak balik jakarta bogor teh ges teu aneh.
Karekmah kaluar ti bete em, croot kapanggih polisi teu lila sinarieun eta polisi teh ngagepayan ngan teuin arek naon, teuing arek mere duit teuing arek ngajak ngobrol pokonamah hate meni asa dag dig dug da teu sasarina eta polisi gupai gepai.
"mana sim na" jek pollisi teh ka kuring, aduh!!! haram jadah, memang bener ari jelema teh sok nanyakeun naon nu eweuh.
"eweuh! kuringmah teu boga sim" jek kuring teh bari rada nyantai.
"hor ari maneh, make motor teu mawa sim. este enka na mana?"
"este enka, aya pa... tapi poto kopianna" tembal kuring bari rada ngadegdeg ayenamah...
"ari sia! kunaon di poto kopi? atuh moal laku meren, nanaon ge di potokopi mah moal laku. cig coba duit poto kopi ku maneh, pan moal laku meren!" jek si bapa teh bari rada nyantai ayenamah...
"hey ulah salah pa, teu sagalan nu di poto kopi teu laku, katepe di poto kopi laku keneh"
"heuh lah kumaha maneh, ges mana coba katepe maneh?" jek polisi teh, pasti da embung eleh..
"yeuh....." jek kuring teh bari mikeun katepe kuring.
"Oh Ahmad nya ngarana... adi maneh kunaon teu make helem?"
"biasana ge tara pa... kamari kuring di bonceng teu pake helem hare-hare wae, ewuh nu nilang, oh kuring nyaho... emang tanggal bara sih ayeuna? tanggal kolot meren nya?" kuring nyorocos weh bakat ku kesel.
"sttt ari maneh, ulah culangung!!! yeuh duit mah loba keneh" jek si polisi teh bari nunjukeun kantongna anu pinuh ku kertas
0 komentar:
Posting Komentar